Hutbah Munggaran di Pajajaran: Kumpulan Dua Drama – Yus Rusyana
Rp 36.000,00
Penerbit: Pustaka Jaya
Tahun Terbit: 2018
Tebal: 96 halaman
Bahasa: Sunda
ISBN: 978-979-419-540-6
Kondisi: Baru
”Hutbah Munggaran di Pajajaran” téh drama yasana Yus Rusyana, ditulis taun 1965. Ieu drama kungsi dipentaskeun ku Liga Drama Bumi Siliwangi tanggal 2-3 ]uli 1966, sutradarana Dudu Prawiraatmadja jeung Duduh Durahman.
Sanajan kasebutna naskah heubeul, ieu drama teu laas ku pajamanan, lantaran nyaritakeun kajadian nu geus remen diguar ku urang Sunda: nyebarna Islam di Pajajaran nu jadi pamiangan urang Sunda ngagem agama Islam.
Lian ti ”Hutbah Munggaran di Pajajaran”, ieu buku gé ngamuat drama karya Yus Rusyana lianna, nyaéta “Cahaya Maratan Waja” nu ditulis bulan Désémber 1964. Sawirahma jeung drama kahiji, ”Cahaya Maratan Waja” nyaritakeun nyebarna agama Islam. Bédana téh, nu ieu mah kajadianana di tanah Mekkah, mangsa Kangjeng Nabi Muhammad Saw. jumeneng kénéh.
Kumpulan drama Hutbah Munggaran di Pajajaran lain ukur pentaskeuneun di panggung, dibaca naskahna tangtu réa pulunganeunana pikeun ngandelan kaislaman jeung kasundaan.
Additional information
Weight | 0.3 kg |
---|---|
Dimensions | 15.5 x 22 x 1 cm |
Reviews(0)
There are no reviews yet.