Bulan Rumeuk di Pancuran: Kumpulan Carita Jurig – Oman Komara
Rp 50.000,00
Penerbit: Pustaka Jaya
Tahun Terbit: 2019
Tebal: 160 halaman
Bahasa: Sunda
ISBN 978-979-419-528-4
Kondisi: Baru
Ari jurig aya? Aya, cék carita-carita dina ieu buku mah. Bulan Rumeuk di Pancuran kenging Oman Komara ngamuat sawelas carita ngeunaan dedemit. Jurig nu ngabungkeuleuk, ngudag-ngudag jelema, tapi teu kacaturkeun nepi ka nandasa. Malah sabalikna, jelema nu bisa nundung deui ka alamna. Siga dina “Maret”, jurig téh nuturkeun lantaran babawaanana—nu dipalidkeun bareng jeung mayit—dicokot ku nu rék ngala lauk.
Saenyana lain jurig wungkul nu ku urang bisa “katewak” tina ieu buku téh. Gambaran kahirupan di pilemburan, dicaritakeun gemet pisan ku pangarang. Nu maca baris terang rupa-rupa kabiasaan alam harita, tur ayeuna mah boa geus teu aya di kieuna, siga “maret”, “mosong”, “ngobor”, “ngalintar”, “ngabungbang”, jsté. Unggal bagian dicaritakeun kalayan ngaguluyur, sakapeung direumbeuy heureuy, matak ngubaran nu kukurayeun. Kilang kitu, kurang hadé mun ieu buku dibaca tengah peuting, komo bari nyorangan mah.
Additional information
Weight | 0.3 kg |
---|---|
Dimensions | 15 x 22 x 1.5 cm |
Reviews(0)
There are no reviews yet.